Geus jadi kabiasaan kuring, terutama di poé salasa, rébo jeung Juma’ah, sarengse na sholat shubuh jeung giat ritual anu sejen na, kuring siap-siap ganti baju kalawan make kaos, calana training jeung sapatu, arek olah raga make sapeda.
Angkat ti Jl. Flamboyan terus menelusuri jalan tengah tepung jeung parapatan pemda purwakarta belok ka kenca terus muteran Taman Sri Baduga saputeran. Geus kitu mah terus balik deui we ka Jl. Flamboyan, Pedah rarasaan awak geus kesangan, jadi lamun mandi isuk-isuk teh teu ka tirisan teuing.
Tapi dina dua bulan terakhir ieu kuring can ngarasa afdol lamun ngurilingan Taman Sri Baduga ngan saukur saputeran. Hate teh hayangna sakurang-kurangna tilu puteran. Anu jadi sabab eta aya lantunan ayat suci Al-Quran di saputaran Taman Sri Baduga. Teuing kunaon hate teh bet ngarasa tenang jeung reugreug, re’eus ngagoes sapeda bari jeung ngadengekeun lantunan ayat suci Al-Qur’an.
Komo lamun kabeneran anu keur dibacakeun teh kuring apal jadina kuring ge dina hate sok ngiluan ngalantunkeun ayat Al-Qur’an, Lamun geus kitu sok aya perbedaan perasaan dina hate teh leuwih tenang jeung reugreug.
Sakapeung kuring sok mikir saha anu boga ide ieu teh? Rasana kuring hoyong ngahaturkeun nuhun bahkan lamun bisa hoyong ngobrol bari jeung ngabudalkeun saran upami tiasa mah lantunan Al-Qur’an teh sing kadangu leuwih lega deui.
InsyaAllah, kanggo Purwakarta mah hal ieu teh teu mustahil….. Aamiin. [*]
Penulis : Kodar Solihat